Kabayan
Janten Artis
Lima taun
baheula Kabayan jeung Iteung meunang
pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan
eta,manehna
dua’an ngikrarkeun janji satia.
Geus lima taun teh Kabayan balik ka
kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana
Kabayan : Mamiiihh…!Mamiiihh …! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus
keur Mamih.”(Gogorowokan
bari lulumpatan)
Ambu :”Naon ari maneh,Ambu
disebat mie, asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas keur
ngora panggeulisna
sakampung.”
Kabayan :’Huuuu,si Ambu mah da bari na ge
sanes mie ambu, mami, hartina teh ema, kitu ge meuni teu apal.”
Ambu :”Ah maneh mah
Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah
maneh
istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.”
Kabayan :”Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa
anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi
Iteung
heula.”
Ambu :”Nyi
Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”
Kabayan :”Cius Ambu,Nyi Iteung can balik ti
Jakarta?”
Ambu :”Enelan,Ambu
mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”
Kabayan :”Ah nya tos weh,Kabayan rek
istirahat heula.”(Asup ka imah)
Peutingna sobat Kabayan nyaeta
Cenang datang ka imah si Kabayan,nu alesana hayang tepang jeung si
Kabayan
padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa
nonton TV
gratis di imah si Kabayan.
Cenang :”Kabayan..!Kabayan..Assalamualaikum
Kabayan..!.”
Ambu :”Waalaikum
Salam, Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)
Nanang :”Kabayana aya Ma?”
Ambu :”Aya sok weh
lebet.”
Cenang :”asik.”(Sabari asup ka
imah Kabayan)
Teras si cenang asup, lalajo TV bareng
jeung si kabayan
Cenang :”Hey Kabayan,gaya
lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.”
Kabayan :”Ah,urang oge nyaho niat maneh ka
dieu,rek milu nonton TV nya?.”
Cenang :”Ahhhh.Kabayan mah terang wae
niat abdi,hihihi..”
Kabayan :”Geuslah maraneh naronton
ditu,urang mah lieur.”
Cenang :”Eh…eh Kabayan,naha eta
teh asa siga….,Iteungnya? Dih heeh Iteung eta mah’’(Sabari nunjuk-nunjuk
ka TV)
Kabayan :”Mana? mana? Heueuh beneur eta Iteung,
naha ngarana janten Syahlacin?”
Cenang
:”Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana
kudu
alus,maenya sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”
Kabayan :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha
atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari nyepengan
tarang)
Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna
bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji
iklan di
TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang
tinggal.
Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung
Eksis.Aranjeun
hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang
ngiringan
audisi Artis di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu
enggal-enggal
ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun
formulir ka
Kabayan)
Kabayan :”Wah,kabeneran pisan aya audisi
jadi Artis.Cenang!! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa patepang jeung Nyi Iteung,”
Cenang :”Asikkk jadi Artis,
hayuh atuh ah”
Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh
pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung ngadatangan
tempat
audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk
di
harepeu TV.
Ambu
:”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya?
Tah,gening
aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)
Komentator :”Sok,perkenalkeun heula saha
aranjeun.”
Kabayan
:”Perkenalkeun wasta abdi teh David Saepuloh, urang kasep sumpah demi
allah.”
Cenang
:”Wasta abdi Kevin.”
Komentator :”Oke,sok atuh tampilkeun
penampilan aranjeun.”
Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun
bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung mere jahe ka si
Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu
urang
tinggal adegana.
Kabayan
:”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”
Ambu
:”Jahe jang, jahe,jahe.”
Kabayan
:”Naon Ambu ?”(Sabari lumpat ka layar TV)
Ambu
:”Ieu jahe,sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)
Kabayan
:”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari balik dei ka
si Cenang)
Ambu
:”Enya sami-sami.”
Cenang
:”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”
Komentator :”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)
Cenang
:”Tuh pan bener ceuk Urang ge.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)
Komentator :”Buru,arek nampilkeun
moal,hararese kitu oge.”
Duo Gebleg
:”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)
Sanggeus audisina rengse,komentator
nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan jeung Cenang teh
jantenanu meunang janten Artis terkenal,anu ngarana Duo Gebleg.Kabayan
Akhirna
patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.
Reporter :”Kunaon nami
anjeun Syahlacin?”
Iteung
:”Kusabab saya alay cin..”
Reporter :”Kumaha
tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa naek
daun?”
Iteung
;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”
Reporter :”Anjeun yakin?”
Iteung
:”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”
Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka
Syahlacin.
Kabayan
:”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”
Iteung
:”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”
Cenang
:”Astaghfirulohnya.!’’
Iteung
:”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”
Cenang
:”Keun welah.”
Kabayan
:”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek
ngagentos ngaran naon ge !”
Iteung
:”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”
Cenang
:”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika
kabogoh ge
poho.”
Iteung
:”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga
kabogoh
siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain
heula.”(Sabari malingkeun sirah)
Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si
Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab Iteung datangna
telat.
Ayanti
:”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin)
Iteung
:”Enya urang telat kunaon kitu?”
Ayanti
:”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor
maneh
mah.”
Iteung
:”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara
anu
lain heula,you now?”
Ayant
:”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari ninggalkeun iteung)
Iteung
:”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”
Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng
koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si
Iteung wae,
jabaning koreografer na teh super galak.
Koreografer :”Hiji,dua,tilu mulai.”
Duo Gebleg :(Latihan nari-nari,tapina
si Kabayan henteu bener)
Koreografer :”David,ari maneh kunaon meuni teu
bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make mistar)
Kabayan
:”Hampura bu korekrafer.”
Cenang
:”Koreografer lain korekrafer.”
Kabayan
:”Tumben maneh pinter.”
Koreografer :”Ah,geuslah, sok mulai deui
latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)
Duo Gebleg :”Enya
bu..(Sabari mulai deui latihana)
Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si
Ayanti.
Ayanti
:”Eh David ti mana ?”
Kabayan :”Ti
tempat latihan.”
Cenang
:”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di
tanya.”
Ayanti
:”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da
sarua.”
Cenang
:”Ayanti,teu bareng jeung si Danang?”
Ayanti
:”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”
Cenang
:”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy
ketang.”(Sabari
seserian)
Kabayan
:”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”
Cenang
:”Nya hayu atuh,.”
Kabayan :”Ti
payun nya neng Ayanti.”
Ayanti
:”Enya.”
Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh
langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan wae si
Kabayan,
Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan
ieunya.
Reporter
:”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)
Ayanti
:”Punteunnya aya urusa naon?”
Reporter :”Abdi si
Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung
David the
nuju caketnanya?”
Ayanti
:”Hmmm.”
Kabayan
:”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”
Ujug-ujug Syahlacin datang.
Iteung
:”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”
Ayanti
:”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti
baheula.”
Kabayan
:”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di
mobilnya.”
Saentos si Kabayan angkat Ayanti megat Iteung
teras ngabisikeun hiji hal.
Ayanti
:”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik leungeun si Iteung)
Iteung
:”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih?
Meuni
siga aya sesuatunya.”
Ayanti
:”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)
Iteung
:”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”
Ayanti
:”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta
teh
paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui
ka
maneh.”
Iteung
:”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep
bogoh ka
Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk
kudu indit
deui ka acara salanjutna.
Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon
Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin.
Iteung
:”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”
Kabayan :”Ai
maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)
Iteung
:”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka
ayanti
pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis)
Kabayan
:”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon)
Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar
lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana Syahlacin boga
inisiatif
nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.
Syahlacin :”Punteun
Kabayan…”(Suara anu lembut)
Kabayan :”Aya
naon?”(Raray sarius)
Iteung
:”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang
sabenerna bogoh
keneh ka maneh.”
Kabayan
:”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”
Iteung
:”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab
Iteung
isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”
Kabayan :”Tah
ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon
ka dieu?”
Iteung
:”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”
Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun
manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras mutuskeun angkat
ka luar
kota.
Ayanti :”Aww.”(Sabari nabrak
Cenang)
Nanang :”Ari maneh nakunaon nabrak
kuring,tuh pan Hp kuring murag.”
Ayanti :”Ah,awas maneh
banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang)
Cenang :”Ihh,meuni ketus pisan.”
Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa teu puguh jeung si
kabayan,Kabayan,Iteung
jeung sobat-sobatna mutuskeun ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah
kahirupan
di desa balik deui siga baheula.
ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA
“TAMAT’’